Kacaturkeun ari Dewi Sri teh beuki lila, beuki gede, teh mikin beuki geulis. Kageulisanna teh kawanti-wanti, endahna ka bina-bina. Bu’ukna ombak banyuan galing muntang dina tarang, nya tarang teja mentrangan, damis lir kadu sapasi, pangambung kuwung-kuwungan, lambey beureum bawna ngajadi, soro soca béntang timur sakembaran. Raray lir bulan purnama, keusik bentik cadas hérang, kahibaran ku Déwi Sri.

Carita Pantun Dewi Sri Mulih Ka Jati

Kocap Sang Hiang Déwa wenang anu gagah sarta sakti, ningali kageulisan Nyi Pohaci kitu téh, manahna ngaraos paur. Paur alahmanan maut hinis, sabab émutanana tangtu Yang Pramésti baris kabéngbat manahna, palay migarwa Lamun kajadian kitu. pisakumahaeun teuing pinyerieunana haté Déwi Uma. Ti leuleutik dirorok disusuan ari geus gedé dipigarwa ku carogé.

Emh, deudeuh. Sanggeus ngamanah kitu, tuluy Sang Huang Wenang ngala buah koldi. Ti dinya tuluy dipaparinkeun ka Déwi Sri. Déwi Sri atoheun pisan, dipaparin buah koldi asak amucuy pikabitaeun, am didahar. Pohara ni’mateunana! Kersaning Déwa Agung… brek Déwi Sri gering. Beuki lila beuki payah, ubar teu aya nu mental. Hiji mangsa, di kaputrén éar ramé ku nu maridangdam. Dewi Uma nagisan munggah leslesan.

Para emban tingjarerit. Narangisan Nyi Pohaci, lantaran geus nepi kana jangji mulih ka jati mulang ka asal. Hiji emban lumpat bari nyingsat, rawah-riwih r’ek wawarti ka karaton ka Sang Hiang Pramésti Déwa Guru. Sadatang-datang brek andéprok, cong nyembah, pok unjukan pegat-pegat “Aduh Gusti… tiwas! Anu geulis Nyi Pohaci dugi ka jangji…pupus!”

“Déwi Sri ngantun?” saur Déwa Guru bangun kaget. “Teu pindo damel,” walon emban. Déwa Guru ngahuleng sakeudeung. Lila-lila pok deui sasauran, “Nya dalah dikumaha, mana kitu gé geus tutulisanana. Emban geura saur Aki Bagawat Sang Hiang Sri. Kudu ngadeuheus ayeuna pisan, kituh! Engké mun geus nyaur Aki Bagawat, manéh mah jig baé ka kaputrén deui!” Walon emban, “ Unjuk sumangga, Gusti.

Tigas dawuh rampung timbalan, Amit mundur.” Sanggeus kawidian, Nyi Emban gagancangan indit, nyaur Aki Bagawat. Teu lila Aki Bagawat geus jol, brek diuk, cong nyembah. “Bagawat!” saur Déwa Guru. “Tadi ka dieu aua emban ngabéjaan, yén Nyi Pohaci geus tepi kana jangjina…puput yuswa.” “Baruk Nyi Pohaci pupus, Gusti?” ceuk Aki Bagawat kagéteun.

“Enya” saur Déwa Guru. “Ku lantaran kitu, ayeuna manch kapapancénan kudu mulasara layonna. Kurebkeun masing utama.” “Unjuk sumangga, Gusti.” “Saterusna, manéh ku kami diangkat jadi Kuncén, tugur kuburanana.” “Unjuk sumangga. Gusti.” “Jung, bisi beurang teuing!” “Tigas dawuh rampung timbalan, Amit mundur.”

Gancangna carita, layon Nyi Pohaci geus dikurebkeun, sakumaha tali paranti. Makamna lalingih beresih, wantuning apik nu ngurusna. Unggal poé Juma’ah tara kendat disapuan. Aki Bagawat teu kaop ningal kalakay salambar. Lila-lila dina kuburan téh… pelentung aya nu jadi.

Palebah sirahna, kalapa. Buahna ruparupa, aya nu héjo aya nu konéng. Palebah panon katuhu, anu jadi téh paré. Warnana, aya nu beureum aya nu bodas. Nya kitu deui buluna, aya nu panjang aya nu gundil. Palebah panon kénca, anu jadi téh paré beureum eusi. Buluna nya kitu, aya nu panjang aya nu gundil; rupana aya nu beureum aya nu konéng jeung aya nu hideung.

Palebah manah, ketan saranggeuy nu jadi. Buluna, aya nu panjang anu nu gundil. Eusina nya kitu deui, aya nu beureum aya nu bodas jeung aya nu hideung Palebah pingping katuhu, haur cucuk, Palebah pingping kénca, haur geulis. Ari palebah tuur, nu jadi téh tangkal kawung. Palebah bitis nu kénca awi temen, jeung palebah bitis katuhu awi tali. Urat-uratna, jadi areuy bulatbeulit Bulu-buluna, jadi rupa-rupa jujukutan.

Sumber: Dicatat jeung diropéa tina Déwi Sri karya Ki Umbara (1990:14-23)