Dina abad ka XVI, di wewengkon Majalengka ayeuna aya tilu karajaan: Cakra Ningrat ngaheuyeuk karajaan-karajaan Rajagaluh, Pucuk Umum di Talaga jeung Nyi Rambut Kasih ratu Sindangkasih. Nyi Rambut Kasih lain bae geulis kawanti-wanti, tapi deuih kawentar sakti tur gede wibawa jeung gede komara, sarta jadi panutan masarakat.

Sabagian tina wewengkon Sindangkasih teh masih mangrupa leuweung. Di antara tutuwuhanana aya anu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit muriang. Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya Syeh Arif Hidayatulloh. Jaman harita di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba anu kaserang.

Syarif Hidatulloh ngutus Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja sangkan urang Cirebon anu katerap panyakit muriang calageur deui. Nya terus bae utusan teh arindit, salian ti rek neangan buah maja teh, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan sejen nyaeta rek nyebarkeun Agama Islam.

Lantaran utusan ti Cirebon daratangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih ngarasa teu suka wewengkon kakawasaanna ditincak ku tatamu anu teu diondang ti nagara sejen. Nyi rambut Kasih ngawatek kasaktianana. Leuweung nu asalna pinuh ku tangkal maja teh langsung ngaleungit. Eta utusan teh teu manggih anu diteanganana, lantaran tangkal maja anu tadina loba teh jadi euweuh.

“Majane langka, majane langka,” ceuk utusan dina basa Cirebon, nu maksudna majana euweuh. Nya nelah bae jadi Majalangka terusna dirobah jadi Majalengka. Sanajan anu diteanganana teu kapanggih oge, pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka Cirebon, ceuk angkeuhanana sugan wae dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal Maja. Nu matak eta utusan teh teu eureun-eureun neangan tangkal maja tea, bari sakalian nyebarkeun agama Islam.

Sabada ngawurukan bagbagan agama Islam ka balarea di sawatara tempat, Pangeran Muhamad terus matuh di gunung Margatapa, ari Siti Armilah itikap satekah polah pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih ngan keukeuh teu hasil. Nyi Rambut Kasih tetep tukuh kana agamana, tapi kaahirna mah ngahiang.

Sabada ditinggalkeun ku ratuna, karajaan Sidang Kasih aya dina kakawasan Cirebon sarta saterusna mah Majalengka. Pangeran Muhamad tilar dunya, dimakamkeun di Margatapa, ari Siti Armilah mah dimakamkeun di tukangeun Pendopo Kabupaten Majalengka, ayeuna anu katelahna makam “Ki Bedeng Badori”. (#Rengse)