Jaman baheula di wewengkon kabupaten Sumedang nu perenahna di daérah Darmaraja kiwari, aya hiji tempat can boga ngaran éta tempat téh. Ngan di éta tempat aya hiji wanoja anu geulisna kawanti-wanti éndahna kabina-bina cék babasan téa mah nya irung kuwung-kuwungan nya tarang téja mentrangan ku lemes-lemesna pakulitan éta wanoja téh ceuk nu bohong mah matak tigulutuk kutu matak tisoledat lisa.

Wanoja geulis téhéstuning jalma tukang tutulung teu kasaha-teu kasaha, sakirana perlu mah ku pitulung manéhna teu weleh ditulungan sakur jalma nu ménta tulung ka manéhna mah. Nyimas Sarieunteung ngaran natéh, manehna boga kabogoh hiji lalaki anu nganjrekna teu pati jauh ti lembur éta wanoja, ayeuna mah ngaran lembur kabogohna téh katelahna Cipaok. Kabogohna ogé sarua watekna jeung Nyimas sarua tukang tutulung kabatur, atuh kabéh warga éta lembur pada muji ka Nyimas, keur mah manéhna bageur kabogohna ogé bageur deuih.

Dasar jalma henteu kabeuhresep aya nu hayang ngamangpaatkeun kageulisan Nyimas téh kawas hiji jajaka batur salemburna, manéhna téh bogoh ka Nyimas ngan ku Nyimas di tolak da puguh Nyimas geus boga kikindeuwan ongkoh kurang panuju deuih kana laku lampah eta jajaka téh.Eta jajaka nu bogoh ka Nyimas nogencang neangan kasempetan keur ngakalakeun Nyimas,panasaran mun teu laksana ka Nyimas téh.

Kabeuneuran dina hiji poe Nyimas keur nyeuseuh ditampian nu maranti,malah eta tampian sok dipake tempat silih tamplokeun kaasih jeung beubeureuhnangan geus kitu wae titis tinulisna poe ata mah ditampian téh bet euweuh jalma saurang-urang acan,atuh samemena keur si jajaka nu geus lila neangan kasempetan rek nyilakakeun Nyimas mah,asa mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas.

Kaleresan nu geulis nuju nyeuseuhan kumaha mun ku akang di rencangan kersa  heunteu? ceuk si Jajaka nanya. Nyimas ngawalon Wios teu kedah ngarepotkeun tos biasa sorangan abdi mah ceuk Nyimas. Si Jajaka ngomong deui bari aya sura-seuri maksa Nya wios atuh ari teu kersa direncangan mah,ngan kuring rek nanya sakali deui naha daek teu anjeun mun kawin jeung kuring?

Nyimas ngawalon deui Ceuk kuring ge kuring mah narah lamun kudu dikawin ku anjeun,ongkoh kuring nage da geus boga kabogoh!” Si jajaka nyarita deui Na, bet teu beunang kudisabaran awewe téh,yeuh keur kuring mah cadu lamun aya awewe nu dipikahayang ku kuring make kudu nolak. Ayeuna mah daek teu daek maneh rek dipaksa kukuring sangkan ngagugu kana kahayang kuring, kitu ceuk si Jajaka bari kerek nyepeng leungeun Nyimas bari terus ditangkeup satengah digusur dibawa katempat anu sepi.

Satuluyna Nyimas digadabah kahormatannana, sakitu Nyimas gogorowokan menta tulung oge teu ditolih, tibatan dilesotkeun mah, kalahka beuki ngageudur napsuna, teu cukup ku digadabah kahormatannana, satuluyna Nyimas téh ditelasan pati dugikeun boborkarahayuan. Layonna nu baloboran geutih téh diantepkeun wae teu dipalire, manehna mah leos indit duka kamana.

Isukna layon Nyimas nu baloboran geutih téh kapanggih ku patani nu rek indit ka sawah.Atuh poe eta mah guyur yen Nyimas Sarieunteung maot aya nu maehan, ata beja nepi kalembur Cipaok tempat kabogohna, barang kabogoh Nyimas ngadenge yen Nyimas perlaya manehna teu kuat nandengan lara;

Harita keneh ngalumburuk lir kapuk kaibunan lir kapas kahujanan terus kapiyuhan teu inget di bumi alam, malahan saeunggeusna sadar tina kapiyuhan téh teu beunang dibebereh ku batur ahirna manehna tega maehan maneh kusabab teu narima kana kanyataan hirup nu geus ditinggalkeun maot ku beubeureuh nu dipicintana, kalawan cara nu teu wajar.

Ku kajadian maotna Nyimas Sarieunteung katut bebendena urang lembur ngarasa kaleungitan ku dua jalma tukang tutulung,nu ahirna keur pangemut-emut kana jasa Nyimas Sarieunteung eta lemburdibere ngaran lembur Cieunteung nelah tepi ka kiwari, malah ayeuna mah eta ngaran téh jadi ngaran salah sahiji Desa nu aya dikecamatan Darmaraja.

Sumber: Mangle