Sebenarnya ini sebuah naskah sunda pendek yang pernah dibawakan seseorang, naskah drama yang berupa carita pendek atau carpon bahasa sunda tentang tukang sol sepatu ini bisa dikatakan lucu (bodor) dan bisa diperagakan lewat drama bahasa sunda di sekolahmu mungkin.
Karna menurut saya ini ceritanya sangat menghibur, lucu, homoris pokoknya bisa mengundang tawa deh. So, gak ada salahnya kamu baca untuk sekedar hiburan mengisi waktu luang atau juga bisa dibawakan dalam pagelaran tugas drama bahasa sunda disekolah, dan berikut adalah cerita selengkapnya.
Naskah Drama Carpon Tukang Sol Sapatu Lucu Ngakak Untuk 7 Orang
Tokoh:
- Mang Supri
- Hj. Kokom
- Ceu Eboh
- Nénéng
- H. buloh
- Jajang
- Ceu lilis
Kacaritakeun di hiji pilemburan aya hiji tukang sol sapatu anu sok ngider ka lembur-lembur. Tukang sol sapatu éta ngarana mang supri, jelemana rada gumasép salain sok ngesol sapatu manehna resep pisan nongkrong di warung si nénéng.
Dina hiji poé mang supri ngider ka lembur-lembur bari make kacamata hideung jeng bari nyekelan sisir.
Mang Supri : “SOL PATUUU!!! SOL PATUUU!!!”
Hj. Kokom : “Eh mang supri, ngider mang? Rek ngider ka mana?”
Mang Supri : “Eh muhun ceu, kamana wé atuh ceu da neangan piduiteun!”
Hj. Kokom : “Heuh gih nam, atuh di do’a keun sing beubeunangan lah..”
Mang Supri : “Nuhun atuh, teu meunang duit gé menang-menang randa hérang atuh ceu di jalan”
Hj. Kokom : “Enya atuh mang, sing meunang randa balik téh ulah mamawa tangungan waé!”
Mang Supri : “Enya atuh da urang mah kasép, randa mana anu teu daékeun ka urang? Hayu ceu haji ah ngider heula” (Bari ngaléos)
( Mang Supri Tuluy Lempang, Teu Lila Aya Nu Ngageroan.. )
Ceu Eboh : “Mang kadieu sakedap, eceu bade ngesol”
Mang Supri : “Kedeung ceu, kumaha ceu badé ngesol?”
Ceu Eboh : “Sumuhun mang, sapatu anu kénging mésér ti singapur téh tos calangap puguh”
Mang Supri : “Walah meuni gaya sapatu ti singapur bisa calangap”
Ceu Eboh : “Tikait puguh mang, ieu téh!”
Mang Supri : “Cik atuh ningali urang cobi dangdosan”
Ceu Eboh : “Kahadé mang ah nyepengna, mahal éta téh jutaan mésér na téh” (Bari ngasongkeun sapatu)
Mang Supri : “Eumh gusti, aya sapatu ti singapura jiga bahan ti cikurubuk”
Ceu Eboh : “Alah sok wéh mang dandosan heula, kalem mang ku eceu di bayar sabaraha ogé”
Mang Supri : “Muhun atuh ceu, aasalkan kau bahagia”
( Sabalikna ti imah ceu eboh, mang supri nyimpang heula ka warung nénéng.. )
Nénéng : “Eh mang supri, ngopi mang ?”
Mang Supri : “Muhun néng, aduh ari ningali nénéng téh asa seger˗seger kumaha kitu” (bari sura˗seuri)
Nénéng : “Eumh, mang supri mah aya˗aya waé”
( Teu lila datang jajang ka warung nénéng.. )
Jajang : “Ceu nénéng, aya loték teu?”
Nénéng : “Eh aa jajang, badé meser sabaraha bungkus mang?”
Jajang : “Hiji wéh ceu, di opi di dieu”
Nénéng : “Muhun atuh, mangga di antosan sakedap”
Jajang : “Mangga ceu”
( Ceu Lilis datang jeung ceu éboh ka warung nénéng )
Ceu Lilis : “Nénéng! Eumh nénéng nu geulis, nu bageur!!!” (bari milihan dagangan)
Nénéng : “Kumaha ceu lilis”
Ceu Lilis : “Biasa ceu nganyuk teri buntung..”
Nénéng : “Ah si euceu rek ngayuk gé basa˗basi heula”
Mang Supri : “Ah ceu lilis mah geus biasa ngomong kitu téh, geus pasti aya kahayang na éta téh”
Ceu Lilis :”tos jep répéh supri tong ngomong bisi di kawinkeun jeng embé siah”
Mang Supri : “Lah si eceu terkenal, tukang nganjuk hutang dimana-mana”
Ceu Lilis : “Naha asa kusongongna ngomong kitu ka eceu? nganjuk téh kan nu untung tukang warungna, jadi boga tabungan di eceu”
Mang Supri : “Heg ah kumaha didinya érék kitu érék kieu sabodo teuing”
Ceu Lilis : “Geus ah eceu mah érék balik heula érék masak spageti” (bari ngaleos)
Mang Supri : “Spageti naon tidieu nganyuk teri buntung”
(Sakabeh nu aya didinya sareuri Nyakakak!)
Jajang : “Ceu sabarahaeun ieu teh? (bari nangtung ngodok kantong)
Nénéng : “Dalapan belas rebu jang”
Jajang : “Yeuh ceu artosna, angsul namah sodakohkeun kanggo eceu sareng mang supri itung-itung nambahan kanggo meser honda jaz assalamualaikum” (bari ngaleos)
Mang Supri : “Kéhéd téh rajeun sodakoh dua rebu ka kuring téh dasar kolot ka poe”
Nénéng : “Muhun nya kang boro tos bungah haté téh, gusti teuing”
Mang Supri : “Yap ah neng mulih heula emang mah”
Nénéng : “Mangga atuh mang”
(Jajang balik ka imahna, bapana H. buloh keur nulak cangkéng bari molotot ka manehna)
H. buloh : “Timana manéh téh? Jam sakieu karé balik, tara inget waktu ari ulin téh”
Jajang : “Naon atuh pa karék ge neupi geus di carekan, ké geus lima menit bae rek nyarekan mah (bari asup ka kamar)
Hj. Kokom : “Geus pa ngaranage budak ngora dimaklum kawas teu pernah ngora waé”
H. buloh : “Lain ku kitu na, era atuh mah budak haji keukeulemprengan cicing-cicing di imah atuh ngaji”
Hj. Kokom : “Cik mamah ék nanya ari bapak keur ngora saméméh ka haji osok ngaji?”
H. buloh : “Naha mamawa keur ngora kitu?’
Hj. Kokom : “geus ah cape ngomong jeung nu heuras huntu mah”
Jajang : “Geus ah ganéng bobogohan waé ngewa ningali na oge mah pa”
H. buloh/Hj. Kokom : “Ganéng jajang” (Bari bareung ngomongna)
Jajang : “Idih kalah ngambeuk” (Bari ngaleos)
(H. buloh keur maraban hayam di harepeun imah na, teu lila datang Ceu Eboh anu rempong bari gigibrig lengeun)
Ceu Eboh : “Keur naon kang haji?” (bari gigibrig lengeun mamerkeun geulang)
H. buloh : “Sugan katempona ku maneh eboh aing keur naon didieu”
Ceu Eboh : “Keur maraban hayam”
H. buloh : “Heeuh eta apa, ék naon manéh eboh kadieu asa ku leheung”
Ceu eboh : “Emang ieu jalan kang haji? Umum dong”
H. buloh : “Kumaha mané we eboh”
(terus teu lila datang Mang Supri bari mawa tangungan)
Mang Supri : “Sol patuuu… sol patuuu… sol patuuu…!!!
H. buloh : “Supri cik kadieu aya sapatu omeaneun”
Mang Supri : “Siap pak haji”
Ceu Eboh : “Mang supri abi téh meuli emas anyar kamari ti kota”
Mang Supri : “Terus urang téh kudu salto kitu?”
Ceu Eboh : “Teu kudu kang, teu kudu riweh ké abi teu bisa nulungan”
Mang Supri : “Ah enya we kumaha eceu, lieur abi mah”
(Teu lila kaluar H. buloh bari ngajinjing sapatu)
H. buloh : “yeuh supri pang ngomeankeun”
Mang Supri : “waah atuh ieu mah lain omeaneun, tingal campur weh jeung hu’ut tuluy parabkeun ka hayam”
H. buloh : “euh gustiiii… meuni ngahina kana sapatu kuring téh kieu-kieu ge sapatu antik. Tapi da enya, ditilik-tilik téh meuni ripuh ieu mah”
Ceu Eboh : “yeuh kang haji ari meuli barang téh tong nu murah atuh, tingali yeuh didieu mah ari barang beuli téh nu mahal sakali”
H. buloh : “ganéng eboh lieur sirah ngadangu manéh ngomong téh, jig-jig lah érek balik mah”
Ceu Eboh : “kalem kang haji ulah jeung urat ngomongna (bari lumpat)
Mang Supri : “rék kumaha pak haji ieu sapatu dipiceun wae ieu téh?”
H. buloh : “ulah-ulah rék di musiumkeun sapatu antik ieu téh”
Mang Supri : “kumaha pak haji wén lah, hayu ah rék mulang heula abi mah”
H. buloh : “ooh nya sok atuh supri”
#Réngsé
Nah, mungkin itu saja untuk cerita sebuah naskah drama singkat yang cukup pendek dengan judul mang supri tukang sol sepatu, yang mengangkat cerita pendek dengan jenis humor artau bodor.
Mudah-mudahan bisa dijadikan bahan referensi dalam membawakan sebuah drama sunda yang lucu dengan jumlah sebanyak 7 orang pemain dengan karakter yang bisa dikatakan hampir semuanya humoris.