Kawih & Kakawihan

Contoh Lagu Kakawihan Bahasa Sunda Lengkap!

×

Contoh Lagu Kakawihan Bahasa Sunda Lengkap!

Sebarkan artikel ini

Berbeda dengan kawih yang pernah diposting sebelumnya. Lagu Kakawihan sunda sendiri lebih dinyanyikan dalam permainan anak-anak, karna mempunyai irama gembira serta kata-kata lucu. Kakawihan selalu dikaitkan dengan permainan saat bermain atau nyanyian permainan (play song), walaupun tidak semua kakawihan ini ada permainannya, contoh misalnya judul kawih hiji sareng hiji.

Kakawihan termasuk dalam nyanyian rakyat, khususnya dijawa barat. Oleh sebab kakawihan ini biasa digunakan saat bermain khususnya untuk anak-anak (bararudak). Kakawihan yang biasa dimainkan misalnya seperti ‘Cingciripit’ ‘Ayang-ayang Gung’, ‘Eundeuk-eundeukan’, ‘Cingcangkeling’, dan sebagainya.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Arti Lirik atau Syair Lagu kawih Cing Cangkeling Bahasa Sunda

Kakawihan Lagu Barudak Sunda

Dulu, lagu-lagu kakawihan ini sangat populer dan sering sekali dimainkan, khususnya oleh anak-anak ditatar sunda. Namun, seiring berjalannya waktu, kakawihan ini kini tidak dipergunakan lagi saat bermain. Itu sebabnya kini, banyak diantara kita yang tidak mengenal, bahkan tahu apa itu kakawihan?

Nah baiklah, dibawah basasunda.com merangkum kumpulan contoh lagu kakawihan sunda tersebut. Yang sudah kumpulkan berdasarkan dari berbagai sumber yang ada di internet.

Baca juga: 50 Contoh Kaulinan Barudak Sunda Fungsi dan Manfaatnya!

Contoh Lagu Kakawihan Sunda

Contoh Lagu Kakawihan Sunda

Judul Lagu Kakawihan Hiji Sareng Hiji

Hiji Sareng hiji sami sareng dua
Lamun bisa ngaji pasti bisa ngadoa
Dua tambah dua sami sareng opat
Lamun ngadoa pasti meunang berkat
Opat sareng opat sami sareng dalapan
Lamun meunang berkat pasti dihakan
Dalapan sareng dalapan sami sareng genep belas
Lamun geus dihakan tanaga jadi beda
Genep belas sareng genep belas sami sareng tilu puluh dua
Lamun geus bedas bisa mantuan indung bapa

Kakawihan Bangbang kalima gobang

Bang kalima gobang.. bang
Bangkong ditengah sawah.. wah
Wahey tukang bajigur.. gur
Guru sakola desa.. sa
Saban poe ngajar.. jar

Jarum paranti ngaput.. put
Putri anu gareulis.. lis
Lisung kadua halu.. lu
Luhur kapal udara.. ra
Ragrag di Jakarta.. ta
Taun sabaraha.. ha
Haji rek ka Mekah.. kah
Kahar tujuh rebu.. bu
Buah meunang ngala.. la

Lauk meunang nyobek.. bek
Beker meunang muter.. ter
Terus ka Cikampek… pek
Pekna gagang kalam.. lam
Lampu eujeung damar.. mar
Mari kueh hoho.. ho
Otel pamandangan.. ngan
Ngantos kangjeng dalem.. lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong

Lagu Kakawihan Bulantok

Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok
Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring

Lagu Kakawihan Trang-trang kolentrang

Trang-trang kolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan

Lagu Kakawihan Tokecang

Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong
Aya listrik di masigit
Meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit
Karangan dina pipina
Tokecang tokecang
Bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapependil kosong

Lagu Kakawihan Sunda Ole-olean

Ojok-ojok uang-aung,
Ngarojok nu di saung,
Nu di saung bau sigung,
Dirojok lumpat ka lisung,
Hup dengdo, hup dengdo.

Lagu Kakawihan Cingcangkeling

Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
(06) “perepet jengkol”
Perepet jengkol jajahean
Kadempet jempol jejeretean

Lagu Kakawihan Cingciripit

Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seusekeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jekjeknong

Lagu Kakawihan Tat-tit-tut

Tat tit tut daun kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut

Kakawihan oray-orayan II

Oray-orayan luar leor ka sawah
Ulah ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan luar leor los ka kebon
Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon
Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
saha anu mandi? anu mandina pandeuri
Oray-orayan …….. oray naon
Oray bungka …….. bungka naon
Bung ka laut …….. laut naon
Laut dipa …….. dipa naon
Dipanderi ri ri ri ri …… !

Lagu Kakawihan pakait-kait

Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang
Anyaman masing pageuh
Ulah lesot masing pageuh
Anyaman masing pageuh
Tacan lesot ulah lumpat
Nganyamna ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh

Kakawihan oray-orayan

Oray-orayan,
luar leor mapay sawah Entong ka sawah,
parena keur sedeng beukah Mending ka leuwi,
di leuwi loba nu mandi Saha anu mandi,
anu mandina pandeuri

Kakawihan AYANG-AYANGGUNG

Ayang-ayang gung Gung goongna rame
Menak ki Mastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat

Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Kakawihan EUNDEUK-EUNDEUK CANG

Eundeuk-eundeu cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

Kakawihan JALEULEU

Jaleuleu ja
Tulak tujaeman gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong
Ngek!

Kakawihan KALI-KALI KONENG

Kali-kali koneng
Naha koneng aing di kali
Piubareun budak
Naon budakna
Hulu lisung
Naon pangasuhna
Jurig beureum dikukuncung

Kakawihan KALONGKING

Kalongking-kalongking
Bapa sia hudang ngising
Dibura ku madu kucing
Madu kucing meunang maling

Kalongking-kalongking
Bapa sia utah ngising
Beak samak beak samping
Teu cageur waktu sapeuting

Kakawihan PUNTEN

Punten mangga Ari ga,
gatot kaca Ari ca,
cau ambon Ari bon,

bonteng asak Ari sak,
sakit perut Ari rut,
rujak asem Ari sem

sempal-sempil Ari pil,
pilem rame Ari me,
meja makan Ari kan,

kantong kosong Ari song,
songsong lampu Ari pu,
puak-paok Ari wok,
wok candewok

Kakawihan Surser-surser

Surser surser
Amis cau
Amis kembang
Hileud sita
Tarungambang

Yey iyey
Tai manukan
Yey iyey
Tai manukan

Kakawihan Paciwit-ciwit Lutung

Paciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhur
Paciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhur

Kakawihan Cak Cung

Cak cung bakowek
Kukuruyuk
Anak careuh
Ka kowet
Bujurna bareuh

Kakawihan Pacici Poci

Pacici-cici poci
Anyang-anyang bidadari
Jalele jakuwe
Ja minta kembang apa?

(milih ngaran kembang)
Ba nona ba nona
Ba (ngaran) menta kembang eros
Kabogohna ka Mang Eros

Kakawihan Pacici Putri

Pacici cici putri
Selerek kembang celempung
Ali-ali pamadatan

Goreng adat digurubas
Kalau mau kembang apa? Kembang pacar
Manone-manone hayang kembang pacar
Kabogohna mantri cacar!

Kakawihan Endog-endogan

Endog-endogan pepes hiji pepes kabeh
Endog-endogan pepes hiji pepes kabeh
Endog-endogan pepes hiji pepes kabeh
Goleang-goleang mata sapi bolotot

Kakawihan Aya hiji kurung

pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan

Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana

Kakawihan Blung Blong

Blung blong
tampelet tampa gelom
lalamis bulu maung
cerentel cantel
pakuong doblus

Kakawihan Tat tit tut

daun kanyere (kaliki)
saha nu hitut budak awewe (lalaki)
dibawa kasaung butut
balikna ngaburusut

Kakawihan Punteun-Mangga

Punteun, mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem

Ari sem, sempal sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, song-song lampu
Ari pu, puak paok
Ari wok, wok berewok

Kakawihan Cang ucang angge

Cang ucang angge
Mulung muncang ka paranje
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Pa Lebe
Ari gog gog cungunguuuung

Kakawihan BULANTOK

Bulantok-bulantok
Bulan gede bulan montok
Moncorong sagede batok

Bulantok-bulantok
Aya bulan sagede batok
Bulanting-bulanting
Aya bulan sagede piring

Kakawihan MARGALUYU

Bang kalima-lima gobang bang
Bangkong di tengah sawah wah
Wahey tukang bajigur gur
Guru sakola desa sa
Saban poe ngajar jar

Jarum paranti ngaput put
Puteri nu gareulis lis
Lisung kadua halu lu
Luhur kapal udara ra
Ragrag di Jakarta ta
Taun opat hiji ji
Haji rek ka mekah kah

Kahar tujuh rebu bu
Buah meunang ngala la
Lauk meunang nyobek bek
Beker meunang muter-ter
Terus ka Cipaten pen
Pena gagang kalam lam

Lampu eujeung damar mar
Mari kueh hoho ho
Hotel pamandanga ngan
Ngantos kanjeng dalem lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong!

Kakawihan RAT-RAT GURISAT

Rat-rat gurisat
Nini ingrat paeh diselap
Tiselap kana kuciat
Dibura ku laja tuhur

Laja tuhur meunang ngunun
Meunang ngunung tujuh taun
Kadalapan diburakeun
Nyeh prot, nyeh prot, nyeh prot….

Kakawihan RORO MONYORO

Roro manyoro
Manyoro manjangan ngidul
Anak sia jadi ratu
Diketukan dikenongan
Turunan apung
Karunya ka anak sia

Kakawihan TIK-TIK TOLEKTAK

Tik-tik tolektak
Ari tak, taktak bareuh
Ari reuh, reuhak cina

Ari na, naya gengong
Ari gong, gongseng panas
Ari nas, nasi baso
Ari so, sorangan bae yeuh…

Kakawihan TUKTUBRUNG

Tuktubrung tali tanjung
Papagan nyamplung
Pada leutik pada sempung
Patulangtung patungtung brung…

Kakawihan Cang ucang angge

Cang ucang angge
Mulung muncang ka paranje
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Pa Lebe
Ari gog gog cungunguuuung

Kakawihan Meuncit Reungit

Di dieu meuncit reungit,
di dinya meuncit domba,
di dieu beuki leungit,
di dinya beuki loba.
Di dieu sarikaya,
di dinya kebon eurih,
di dieu henteu aya,
di dinya tambah peurih.

Nah, demikanlah beberapa contoh lirik lagu kakawihan sunda yang biasanya dinyanyikan oleh anak atau bararudak, khusunya dulu sering dinyanyikan di daerah pedesaan. Untuk lagu kakawihan lainnya, kamu dapat mengunjungi pada menu kategori kakawihan sunda ini, semoga dapat bermanfaat dan kita bisa terus melestarikan lagu-lagu yang ada dalam permainan anak ini.