Carita Pangalaman

3+ Pengalaman Pribadi Bahasa Sunda Tentang Liburan

×

3+ Pengalaman Pribadi Bahasa Sunda Tentang Liburan

Sebarkan artikel ini

Saat memasuki liburan sekolah kebanyakan dari kita pergi liburan, baik itu untuk sekedar menghilangkan penat setelah sekian lama menggeluti dunia pelajaran disekolah ataupun yang lainnya. Nah saat kita masuk sekolah ini biasanya kita dihadapkan dengan tugas membuat karangan tentang pengalaman pribadi atau kegiatan kita saat liburan tersebut dengan menggunakan bahasa sunda.

Baca juga: Contoh Pengalaman Pribadi Singkat Pergi ke Taman Mini Bahasa Sunda

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Karangan tentang liburan merupakan karangan bebas, yang merupakan salah satu jenis karya tulis dimana tidak terdapat aturan khusus dalam pembuatannya, baik secara tehnik penulisan ataupun dari gaya bahasanya. Sehingga, karya tulis ini berbeda dengan karya sastra laiinya seperti puisi, novel, atau jenis karya sastra lainnya.

Karangan bebas merupakan hasil dari buah pikir penulis tentang sesuatu. Dengan kata lain, karangan bebas merupakan tempat dimana penulis bisa mengungkapkan ide, gagasan, secara bebas kepada pembaca. Karangan bebas biasanya berupa cerita pribadi.

Cerita Pengalaman Pribadi Bahasa Sunda Tentang Liburan

Pengalaman Pribadi Liburan Ke Pantai Pangandaran Bahasa Sunda

Nah, dibawah ini saya tuliskan contoh karangan liburan sekolah ke pantai pangandaran. Pantai ini sendiri merupakan salah satu tempat atau objek wisata yang ada di jawa barat indonesia. Lebih tepatnya, pantai ini berlokasi di kabupaten pangandaran (pemekaran kabupaten ciamis) di sebelah tenggara, provinsi jawa barat.

Pengalaman Pribadi Liburan ka Pantai Pangandaran

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”] Kelas :
Mata Pelajaran : Bahasa sunda
Kategori : Karya tulis Cerita pengalaman pribadi

Di liburan peré sakola kamakemarinri, abdi sakeluargi sareng rerencangan, angkat liburan ka pantai pangandaran, nu aya di Ciamis, Jawa Barat. Saking atohna, abdi tos mimiti nyiapkeun sagala rupi persiapana ti wengi keneh sapertos acuk, kamera, kaemaman, sareng nu liana.

Abdi sakeluargi angkat nganggo mobil ti bandung kirang langkung tabuh 5 subuh, supados teu keuna macet sareng tereh dugi ka tempat nu dituju. Sabenerna mah abdi ngarasa tunduh keneh enjing eta téh, tapi abdi ngarasa atoh ogé lantaran ku hoyong-hoyongna nganjang ka pantai éta.

Sa’atos beberaha jam, ahirna abdi dugi ogé ka pantai pangandaran tabuh 8 enjing, abdi sakeluargi sareng rerencangan langsung baé ngampar samak di basisir pantai, dilajeungkeun sareng acara papaharé. Hehee! Rengsena papahare éta téh, abdi sareng rerencangan teras langsung baé ameng ka pantai pangandaran. Ti mimiti nyobian ngadamel istana tina pasir, maén bal, ngojay, sareng nu liana.

Sabab ombakna nu lumayan ageung, abdi jadi teu wani ngojay tebih-tebih ka pantai éta. Dugi teu karasa panon poé tos mulai turun, abdi calik sakedap sabari ningalikeun kaéndahan pantai dibarengan sareng tuang babarengan deui. Sawaktos tuang babarengan téh teu lila sakantenan abdi sakeluarga mulih deui ka bumi. [/asap_note]

Terjemahan:

Di liburan sekolah kemarin, Aku, keluarga dan teman-teman pergi berlibur ke Pantai Pandandaran yang terletak di Ciamis Jawa Barat. Saya mulai mempersiapkan segala macam persiapan dari malam hari sebelum berangkat, seperti baju, kamera, makanan, dan lain sebagainya.

Saya dan keluarga berangkat menggunakan mobil dari Bandung sekitar jam 5 pagi, agar tidak terjebak kemacetan dan sampai di tempat tujuan. Sebenarnya pagi itu saya merasa mengantuk, namun rasa kantuk itu saya tahan, karena saya sangat ingin mengunjungi pantai.

Setelah beberapa jam diperjalanan, akhirnya saya sampai di pantai Pangandaran pada jam 8 pagi, Aku, keluarga dan teman-teman langsung bermain di pinggir pantai, dilanjutkan dengan makan bersama. Setelah makan, saya dan teman-teman langsung menuju Pantai Pandaran. Dari mencoba membuat kastil dari pasir, bermain sepak bola, berenang, dan masih banyak lagi.

Karena ombaknya cukup besar, saya tidak berani berenang jauh-jauh ke pantai. Hingga matahari sudah mulai turun, aku duduk-duduk sebentar sambil memperlihatkan indahnya pantai bersama dan makan bersama kembali. Saat kami makan bersama, tidak lama kemudian keluarga saya memutuskan untuk segera kembali ke rumah.

Pengalaman  Piknik ka Kawah putih Bahasa Sunda (Pangalaman Ratna)

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”] Harita nuju peré sakola. Nembé gé tilu dinten, abdi tos ngaraos kesel. Tuda sadidinten téh tara ka mamana. Palingpaling sasapédahan, bari tara tebih deuih. Ari dina dinten kalimana aya Bi Yanti. Anjeunna nyarios badé piknik ka Kawahputih, sareng réréncangan sakantorna. Abdi diajakan. Leuh, mani atoh.

“Énjing Ratna ku Bibi disampeur ka dieu, tabuh genep. Kadé, Ratna ulah léléda, bisi ditinggalkeun ku rombongan,” saur Bibi. “Moal atuh, Bi,” sanggem abdi. Énjingna, méméh adan subuh abdi tos bérés ti jamban. “Leuh ieu nu badé piknik, mani goréjag,” saur Apa bari gumujeng. Éta panginten pédah biasana mah abdi sering kasiangan hudang. “Apan bilih kakantun, mangkaning rombongan téh badé miosna énjing kénéh, saur Bi Yanti gé,” sanggem abdi.

Tabuh tujuh, mobil nu ngakut rombongan tos kaluar ti pakarangan kantor. Sadayana téh aya lima mobil. Di jalan teu acan seueur kendaraan. Janten dugi ka Soréang téh teu macét. Padahal upami nuju macét mah sok matak kesel. Ari ka Soréang mah abdi téh terang. Basa éta abdi diajakan ku Ibu ka bumina Uwa Haji Fatonah. Bumina téh caket Pasar Soréang. “Tebih kénéh ti dieu, Bi?” abdi naros ka Bi Yanti, waktos mobil tos dugi ka Ciwidéy.

Terang éta tempat namina Ciwidéy téh apan abdi ningal plang di payuneun kantor kacamatan. Ti Soréang ka Ciwidéy téh rada tebih. “Nya tebih atuh. Jabi jalanna teras-terasan nanjak,” waler Bibi. Leres waé jalan téh seueur nanjakna. Di tempat anu kalangkungan seueur kebon stoberi. Kebon palawija gé seueur deuih. Hawa tos ngawitan karaos tiris, padahal tos aya panonpoé Ti jalan raya, mobil téh méngkol ka kénca.

Langkung nanjak saterasna mah, jaba jalanna heureut. Di sisieun jalan seueur tangkal kai arageung. Duka kai naon waé namina, da anu abdi apal mah mung ukur pineus. Ti tempat parkir mobil ka Kawahputih téh kedah mapah heula, mapay tétécéan. Jol waé ka sisi kawah. Paingan disebat Kawahputih, da geuning di dinya mah kawah téh warnana bodas, dugi ka matak sérab. Taneuh sareng batuna barodas.

Anu disebat kawah téh pinuh ku cai, sapertos balong lega, tapi luhurna ngebul seueur haseup. Warna caina téh bodas semu héjo. Saur Bi Yanti, Kawahputih téh ayana di Gunung Patuha. Di sabudeureun éta gunung téh seueur kebon entéh. Upami teras ka kidul engké téh aya situ, namina Situ Paténggang. Hanjakal piknik téh teu dugi ka Situ Paténggang, padahal abdi hoyong terang kumaha kaayaan di éta situ.

Saur wartos mah éta situ téh éndah pisan. Kawahputih matak narik ati. Hiji waktos mah abdi hoyong ameng deui ka dinya. Malih upami aya waktos mah ka Situ Paténggang ogé abdi téh hoyong amengan. [/asap_note]

Pengalaman Piknik Ka Kebon Bintang (Pangalaman Gilang)

[asap_note color_bg=”#ffffc1″ color_text=”#181818″ position=”left”] Abdi sareng réréncangan sakelas piknik ka kebon binatang. Miosna kana angkot, ngahaja kénging nyéwa. Aya opat angkotna téh, dinomeran sangkan teu lepat naék. Abdi kabagian angkot nomer dua. “Gilang samobil sareng abdi, nya,” sanggem Haris ka abdi. Tabuh satengah dalapan, rombongan mios. Nyalsé waé angkot téh majuna, henteu suat-siet siga nu babalapan.

Saméméh lebet ka kebon binatang, Bapa Guru ngabagikeun karcis ka sadaya murid. Abdi sadaya ku Pa Guru diomat-omatan sangkan ulah papencar. Abdi mah piknik ka kebon binatang téh rada sering, aya kana opat kalina. Tos apal kana lebah-lebahna kandang sasatoan. “Itu maung keur diparaban,” sanggem Ridwan. Bring ka kandang maung.

Euleuh éta daging nu diparabkeunana mani seueur. “Padahal mah mun disop, nya,” sanggem Déwi. “Daging anu disop mah atuh bagian anu ngurusna,” sanggem padamel kebon binatang anu nuju sasapu. Ti kandang maung, teras ngabring deui ka kalér. Maya ujugujug lumpat bari ngajerit. “Aya naon, Maya?” sanggem KM. “Itu aya oray. Sieun, ah,” sanggem Maya. “Moal nanaon, da dina kandang,” sanggem nu sanés.

“Ah, da Maya mah gila ningalna,” sanggem Maya deui. “Maya mah badé ningal gajah wé.” Bring deui ka kandang gajah, nuturkeun Maya. “Maya tong caket teuing ningalna,” sanggem Fatimah. “Wios ah, da Maya mah resep,” sanggem Maya. Gajah téh nyerot cai ku tulaléna tina balong di lebet kandang.

Naha ari pék teras disebrotkeun. “Ih, gajah téh …!” Maya ngajéréwét. Topina kabaseuhan. “Horé …, Maya diibakan ku gajah,” sanggem abdi bari seuri. Réréncangan ogé sami sareuri. Tapi Maya mah kalah baeud. Duka kumaha ngawitanana, gajah téh nyebrotkeun deui cai tina tulaléna. Ayeuna mah keunana ka abdi pisan.

“Horé, ayeuna giliran Gilang diibakan ku gajah …,” sanggem Maya bari ngajebéngan ka abdi. “Tadi meureun teu ibak heula,” sanggem nu sanés bari seuseurian. Abdi gé ngiring seuri, “Ah, dasar gajah, ada-ada sajah ….” [/asap_note]

Nah, demikian contoh karangan cerita tentang pengalaman pribadi bahasa sunda tentang liburan untuk kali ini semoga bermanfaat untuk inspirasi dalam membuat karangan pribadi dengan menggunakan bahasa sunda disekolah, terimakasih atas waktunya.