SENI BUDAYA WAYANG GOLEK

SENI BUDAYA WAYANG GOLEK 

 

Foto: @google images

Salah sahiji kasenian budaya Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh di pilemburan.

Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yen kasenian wayang golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang) Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.

Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang teh diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.

Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek. Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagedengeun dalang, nayagaoge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab, Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan.

Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta anu kawentar Perang Baratayuda. Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta.

Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu bae urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.

Aya deui aliran penca Cikalong. Penca Cikalong mah leuwih anyar lamun dibandingkeun jeung Cimandé. Mimiti nyebarna kira-kira abad ka-19 ahir. Tokohna nyaéta R. Jaya Perbata atawa R.H. Ibrahim. Anjeunna urang Cikalong Cianjur, nu matak disebut aliran Cikalong gé. Saméméhna kungsi guguru heula ka daérah séjénna diantarana ka Aténg Alimudin urang Jatinagara.

Thanks__
Sumber referensi: google.com

One thought on “SENI BUDAYA WAYANG GOLEK

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *