Puisi dan sajak

Puisi Cinta Bahasa Sunda Pilihan dan Artinya Lengkap!

×

Puisi Cinta Bahasa Sunda Pilihan dan Artinya Lengkap!

Sebarkan artikel ini

Puisi cinta bahasa sunda ini bisa kalian gunakan untuk di kirimkan kepada pacar atau kekasih untuk mengungkapkan perasaan cinta ke doi, atau sekedar untuk contoh jika ada tugas membuat puisi disekolah kamu.

Kumpulan puisi cinta romantis bahasa sunda update terbaru dibawah ini merupakan puisi pilihan yang sudah basasunda.com kumpulkan sebelumnya. Diantaranya ada beberapa yang memang ditulis sendiri, puisi dari teman di facebook, dari majalah, yang tak lupa juga dicantumkan juga nama dari pengarang puisinya.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Menulis puisi cinta dalam bahasa sunda merupakan bentuk ekspresi kita dalam mengungkapkan inspirasi, gagasan atau pikiran yang dituangkan kedalam karya tulis.

Pengalaman kita tentu saja yang dapat memancing minat kita dalam menulisi puisi, seperti pengalaman tentang cinta misalnya, jadi apa pendapat mu tentang cinta?

Puisi Cinta Bahasa Sunda

Puisi Cinta Bahasa Sunda

Nah, selain dapat menuangkannya melalui sebuah puisi kamu juga dapat mengutarakannya lewat sebuah pesan seperti lewat surat cinta tulisan tangan romantis misalnya. Baiklah berikut adalah beberapa contoh kumpulan puisi cinta dalam bahasa sunda.

Ninggalkeun haté – Risnawati

Di Isola bulan ngarandakah
dina pucuk pucuk kiara
Ngalanglaung lagu patineung
Tina catetan pias konéas
Kakangen muruhpuy na angen-angen
Lir girimis nu kasarung
Néang gurat-gurat matapoé
Nu lawas ninggalkeun haté

Pinuh Kadeudeuh jeung kanyaah – Kang Mas

Asa mokaha teu kasawang bakal kieu jadina
Dina satiap rohangan haté
Geus pinuh ku rasa
Kadeudeuh jeung kanyaah
Geus tamplok nyalira
Tapi kiwari geuning sulaya
Anjeun ngaléos taya pamitan
Ninggalkeun raraheut nu teu aya ubarna

Béda jalan jugjugan – SangHérang Ngéngé

Naon deui nu kudu di suguhkeun
Da meureun salira geus apal sagalana
Diri nu batan sakieu buktina
Moal rék di aya-aya
Naon nu kudu di asongkeun
Sagala rasa nyokot ka salira
Tresna nu nyaliara moal rék ilang ku mangsa
Asih nu ngancik moal rék leungit ku wanci

Salira..
Naha rasa bet maskét hayoh nyantél
Padahal urang geus béda jalan jugjugan
Dipisah ku kanyataan
Ukur teuteup panganteur nu teger
Rasa mah ngamarudah ngiangkeun nu ninggalkeun

Puisi cinta sunda lucu – Haaar_aweu

Najan aya rasa honcewang
Kamelang lain ukur babasan
Sabab anjeun téh kuring
Rindat anjeun, rindat kuring

Gelenyu anjeun, gelenyu kuring
Baeud anjeun, baeud kuring
Hariwang anjeun, hariwang kuring
Lugina anjeun, lugina kuring
Tibelat anjeun, tibelat kuring

Rasa anjeun, rasa kuring
Asih anjeun, asih kuring
Ringkang anjeun, ringkang kuring
Abdi di geubrus ka balong
Anjeun barakatak seuseurian

Kuring Jeung Anjeun – Dede Syafrudin

Ngan dina mata kuring
anjeun kudu nengetan diri anjeun
laju geura anjangan ieu jajantung
lebah rohang-rohang peteng, ogé
rohang-rohang cangra

Ngan na mata anjeun
kuring rék ngintip diri
ngintip langit, béntang-béntang,
bulan nu sapasi, nu purnama,
ogé nu samagaha

Urang lenyepan ieu keteg jajantung
dina wirahma simpé, ah geura sieuhkeun
sora-sora haliwu anu silung

Hariring Haté – Fitri Siti Nurjanah

Neuteup kasimpé langit nu mongkléng
béntang-béntang ngigel na sagara peuting.
Ngan hanjakal, taya Bulan nu maturan.
Galura méga ngagalindeng nyasaak sagara peuting,
haté kumalayang, mapag sukma nu sasab lampah.

Miharep manggihan Bulan
nu teuleum na mongkléngna sagara
Jentréng kacapi ti béh Wétan
mawa mangréwu guligah, nu saban mangsa
ku salira sumputkeun na jeroning manah,
ngadadak kapireng mirig asih na haté.

Puisi Cinta Sunda dan Artinya

Puisi Cinta Sunda dan Artinya

Puisi Ngahereupkeun Anjeun – Kustian

Anjeun tos ninggalkeun abdi
Teu terang kunaon masalahna
Teu terang naon ka kurangana

Sareng teu terang naon salahna
Anjeun tega ninggalkeun abdi
Basa abdi ngarasa nyaah pisan ka anjeun

Anjeun teu nyaho..
Kanyaah abdi ka anjeun ngalewihan kanya’ah abdi ka diri sorangan
Tapi naha kunaon?
Anjeun tega ninggalkeun abdi

Cai panon tos teu tiasa dei di bendung
Nyeri hate abdi di hianatan ku anjeun
Tapi naha kunaon hate abdi teh masih tetep ka anjeun.

Artinya:

Kamu telah meninggalkanku, Entah apa masalahnya, Tidak tahu juga apa kekurangannya Dan tidak tahu apa yang salah denganku. Kau tega meninggalkanku Dikala aku merasa sangat mencintaimu.

Kamu tidak tahu.. Cintaku padamu melebihi cintaku pada diriku sendiri, Tapi kenapa? Kamu tega meninggalkan ku? Air mata sudah tidak bisa lagi dibendung. Sakit, hatiku dikhianati olehmu, Tapi entah mengapa, hatiku tetap bersamamu.

Mikacinta Anjeun -Kustian

Waktu, asa teu sanggup deui ngubaran rasa rindu ieu
Haté teu deui sanggup ngarasakeun sepi ieu
Tetempoen asa kosong, lantaran rasa tresna nu teu ka bendung

Waktu asa jadi ngagibleg, hate oge karasa sedih
lantaran ka cangkalak ku rasa nyaah
Abdi hayang hirup jeung salira
Sabab kuring teu sanggup sorangan..

Coba dangukeun ieu sora haté nu terus ngageroan salira
Rasakeun pikanyaah abdi nu ngaharepkeun anjeun
Ayeuna kuring sorangan jeung ngarasa kesepian
Coba dangukeun ieu rintihan hate abdi
Sabab kuring yakin anjeun bagian ti hirup ieu…

Artinya:

Waktu, terasa tak mampu lagi mengobati rasa rindu ini. Hatiku tak lagi mampu merasakan keheningan ini Melihat harapan yang hampa, karena rindu yang tak bisa dihentikan. Ketika harapan menjadi beku, hati juga terasa pilu karena terbelenggu oleh rasa sayang.

Aku ingin hidup bersamamu.. Karena aku tak sanggup sendiri.. Coba dengarkan suara hatiku ini yang terus memanggilmu.. Rasakan rasa sayangku yang mendambakan mu… Sekarang aku sendirian merasa kesepian, coba rasakan rintihan hati ku.. Karena, aku percaya kamu bagian dari hidup ini..

Teu Sanggup – Kustian

Teu aya daya abdi mun teu aya salira ..
Waktu ngalewat bet asa teu karasa..

Sakapeung abdi ngarasa sepi dina jemplingna peuting ieu
Kadang oge abdi ngarasa diri ieu teu aya hartina

Diri lir ibarat angka hiji
Abdi bener-bener teu sanggup..
Teu sanggup hirup dina legok hate saencan menangkeun haté anjeun

.

Artinya:

Tak ada kekuatan, aku tanpamu.. Waktu berlalu tanpa terasa.. Terkadang aku merasa kesepian dalam kesunyian malam ini. Terkadang aku merasa tidak ada artinya. Diri ibarat seperti angka nomor satu, aku benar-benar tidak snggup.. Tidak bisa hidup dalam relung hati sebelum mendapatkan hatimu.

Anjeun terus aya dina hate kuring

Saumpamana waktu bisa balik deui..
Kuring bakal lewih nyaah ka salira..
Kuring ayeuna sadar..
Yen salira hiji-hijina jalma anu bisa ngartikeun kuring

Kuring ngan saukur bisa emut ka diri salira
Sabab kuring nyaho salira tos moal balik dei..
Tapi naha ku naon?
Kalangkang anjeun nu terus datang dina impen kuring..

Asup ngaganggu katenangan hate
Naha kuring salamina teu tiasa lepas tina diri anjeun?
Naha oge ngan saukur diri anjeun nu terus aya dina jero hate kuring

Artinya:

Seadainya waktu bisa kembali.. Aku akan lebih mencintaimu.. Sekarang aku sadar.. Jika kamu adalah satu-satunya orang yang bisa memahamiku. Aku hanya bisa mengingat dirimu.. Karena aku tahu aku tidak akan kembali..

Tapi kenapa? Bayanganmu yang terus datang dalam mimpiku.. Masuk untuk mengganggu kedamaian hati. Kenapa aku tidak pernah bisa menjauh darimu? Kenapa hanya kamu yang masih ada di hatiku.

“Cinta anu abadi”

Tresna anjeun nyaeta sima hate kuring..
Kawas Lautan endah nu ngahiasan alam dunya ieu..

Tresna kuring ka anjeun moal pernah bisa pupus..
Terus aya nepi maut misahkeun jiwa raraga ieu..

Sabab kuring boga rasa tresna anu abadi
Nu moal pernah bisa pindah ka lain hate

Artinya:

Cintamu yaitu pesona hatiku.. Bagaikan lautan indah yang menghiasi alam dunia ini.. Cintaku padamu tidak akan pernah mati.. Itu berlanjut sampai kematian memisahkan jiwa raga ini.. Karena aku punya cinta abadi, yang tidak akan pernah bisa pindah ke lain hati.

“Sorangan dina kasunyian”

Moal pernah abdi tiasa ..
Ngungkapkeun ieu sadaya
Sadaya rasa anu ka simpen
Ka simpen dina jiwa

Parantos abdi coba ..
Coba nyataken ieu rasa
Nanging anjeun ayeuna tos teu aya
Teu aya disisi abdi ayeuna

Kiwari anjeun mios bade ninggalkeun ..
Ninggalkeun kuring sorangan
Ayeuna teu aya dei anu tiasa maturan
Mabaturan kuring anu sorangan dina kasunyian..

Artinya:

Aku tidak akan pernah bisa.. Ungkapkan ini semua, Semua rasa yang tersimpan, Tersimpan dalam jiwa. Aku sudah mencoba.. Coba ungkapkan perasaan ini, Tapi kamu sekarang sundah tiada, Tidak ada di sisiku sekarang.

Sekarang kamu akan pergi.. Tinggalkan aku sendiri, Sekarang tidak ada yang bisa menemani Menemaniku yang sendiri dalam kesunyian..

Jadi kabogoh batur – Kustian

Sakapeung kuring karasa ka kaemutan
Basa haté keur ngarasa kasepian..
Lantaran aya rasa anu ngaganjel dina jero hate
Nu nyieun kuring teu bisa sare..

Naha bener ieu nu ngaranna cinta
Tapi kunaon nyieun kuring teu ngarasa sampurna
Impen emang kadang teu pernah nyata
Anjeun nu kuring cinta tos jadi kabogoh manehna

Artinya:

Terkadang aku merasa teringat sebuah kenangan, Saat hatiku merasa kesepian.. Karena ada rasa yang mengganjal di hati, Itu membuatku tidak bisa tidur.. Apakah benar ini yang disebut cinta? Tapi kenapa membuatku tidak merasa sempurna, terkadang mimpi tidak pernah menjadi kenyataan, kamu yang aku cintai telah menjadi pacarnya.

Hirup Dua’an – Kustian

Tirisna peuting ieu, teu dei karasa..
Sepina hate ieu, teu dei kacipta..
Nyeurina jiwa ieu, tos lami sirna..

Lantaran anjeun jeung abdi ayeuna tos ngahiji
Sami-sami ngajalankeun carita anu anyar
Dina rasa suka jeung duka..

Artinya:

Dinginnya malam ini, tidak lagi terasa.. Sepinya hati ini, tidak lagi tercipta.. Sakitnya jiwa ini, sudah lama menghilang.. Karena kau dan aku sekarang sudah bersama. Sama-sama menjalankan cerita yang baru, dalam rasa suka dan duka..

Artikel terkait lainnya:

Nah, mungkin itu saja beberapa contoh puisi cinta bahasa sundanya. Mungkin kamu juga pernah menulis puisi di buku harian, jika ingin coba membuat puisi cinta dalam bahasa sunda ini, cobalah buka kembali buku harian kamu kembali, siapa tahu disana kamu pernah mengekspresikan pengalaman cinta dengan seseorang menjadi sebuah untaian kata yang puitis.

Ada baiknya kreativitas dalam menulis kamu tersebut ditekuni dengan serius, seperti dengan banyak mengekspresikan pengalaman pribadi dalam bentuk tulisan. Karena yang menyebabkan seseorang mampu menulis puisi adalah berkaitan erat dengan pengalaman seseorang dalam menuangkan ide dan perasaannya ke dalam bentuk tulisan.