Kawih & Kakawihan

40+ Contoh Kawih Sunda, Wanda Anyar (Modern) dan Klasik

×

40+ Contoh Kawih Sunda, Wanda Anyar (Modern) dan Klasik

Sebarkan artikel ini

Kata kawih berasal dari kata kavy yang artinya sya’ir atau lirik, kawih sunda disusun oleh seorang komponis atau seorang penyanyi. Jadi, yang dimaksud dengan kawih yaitu suatu jenis lagu-lagu sunda yang bebas, yang tidak terikat dengan aturan, baik itu dari sisi lagunya. Sehingga yang termasuk kedalam contoh lagu kawih sunda yaitu lagu-lagu pop sunda, misalnya seperti lagu karangan dari Nano S, Doel Sumbang, atau yang suka dibawakan oleh seniman calung yakni Hendarso.

Sebenarnya ada banyak sekali dari lagu kawih sunda ini, contohnya adalah: Kawih manuk dadali, kawih bubuy bulan, kawih mawar bodas, kawih sabilulungan, kawih mojang priangan, kawih es lilin, kawih karatagan pahlawan, dan masih banyak lagi yang lainnya. Jika diperhatikan dari contoh kawih diatas, bisa kita temukan unsur-unsur keindahan. Dan apa saja yang membuat lirik dari suatu kawih ini terasa indah untuk didengarkan? Diantaranya adalah dari gaya yang dipakainya, baik itu dari irama lagunya maupun suara dari penyanyi lagu tersebut.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Baca juga: Arti Lirik atau Syair Lagu Cing Cangkeling Bahasa Sunda

Apa itu kawih Sunda Modern (Wanda Anyar) dan Klasik

Kawih Sunda
Kawih sunda sendiri mengandung arti yaitu sebuah rakitan basa yang ditulis oleh para pujangga atau seniman yang memimiliki birama yang tetap. Kawih termasuk kedalam puisi sunda yang isinya tidak terbentuk cerita, jadi berbeda dengan karya sastra seperti pada carita pantun maupun contoh wawacan.

Sejarah Kawih

Dalu kawih tradisional atau kawih pada jaman dahulu awalnya hanya merupakan lagu yang menggunakan lima nada yaitu (da, mi, na, ti, la) atau biasa disebut dengan pentatonis. Tetapi saat ini kawih sudah berkembang menjadi sebuah jenis lagu yang menggunakan tujuh nada yaitu (do, re, mi, fa, so, la, si) yang kita sebut sebagai diatonis. Dan berikut adalah unsur-unsur dari kawih tersebut.

Unsur Kawih

Rasa : Ngagambarkeun Sikep

Nada : Sikep anu nulis (sedih, nalangsa, adigung jsb)

Amanat : Pasualan nu hayang di tepikeun

Tema : Ide/Judul kawih.

Jenis Kawih

1. Kawih buhun (klasik) : Adalah kawih tradisional atau kawih pada jaman dahulu (baheula). Contohnya seperti; Kawih banjar sinom

2. Kawih jaman jepang : Nyaitu kawih yang diciptakan saat jaman penjajahan jepang. Contohnya; Kawih Es lilin, kawih balon ngapung.

3. Kawih wanda anyar : Nyaitu syair kawih yang diciptakan sekarang atau modern.

Contoh Kawih Sunda Modern (Wanda Anyar)

Kawih sunda modern atau dalam bahasa sundanya kawih wanda anyar, merupakan lagu atau syair yang diciptakan pada jaman sekarang dengan menggunakan nada diatonis (do, re, mi, fa, so, la, si) tersebut. Sehingga lagu ini bisa digunakan oleh berbagai macam jenis musik dan dapat di nyanyikan oleh siapa saja. Berikut ini adalah contoh syair yang termasuk ke dalam kawih modern.

Kawih Peuyeum Bandung

Dimana-mana, di kampung di kota
Tos kakoncara, ku nimat rasana
Sampeu asalna, tur direka-reka
Naon namina, ku matak kabita

Peuyeum Bandung ka mashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murang kalih

Mangga cobian, bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung, henteu sambarangan.

Kawih Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang, bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban, Mojang Priangan

Umat imut lucu, sura seuri nyari
Larak lirik keupat, Mojang Priangan

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana
Dangdosan sederhana, Mojang Priangan

Diraksukan kabaya, nambihan cahayana
Dangdosan sederhana, Mojang Priangan

Mojang anu donto, matak sono nu nempo
Mun tepang sono ka Mojang Priangan.

Kawih Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébekeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténtang taya bandinganana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karémpan kasieun lébér wawanénna

Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti indonesia jaya
Manu dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa jeung rahayat Indonésia.

Kawih Bubuy Bulan

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe , panon poe di sasate

Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe,, unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese di pancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina

Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

Kawih Dina Jandéla

Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

Contoh Kawih Sunda Klasik

Yang dimaksud dengan kawih sunda klasik yaitu kawih yang mnggunakan 5 nada atau pentatonik yaitu (da, mi, na, ti, la). Contoh judul kawih sunda yang menggunakan lima nada tersebut seperti kawih Sabilulungan. Di bawah ini adalah beberapa contoh lirik lagu kawih sunda klasik yang biasanya sering dinyanyikan oleh orang sunda terdahulu, berikut contohnya.

Kawih Sanga Gancang (Noneng R)

Kinanti pamekar arum. Gentra dipirig ku gending.
Lir hirup mah sareng hurip na. Rebab panggeuing na ati.
Kendang panggugat na atma. Nawiskeun wujud rohani.
Rohani nyata na ayun. Nu ngancik dijirim jalmi.

Di basisir loba layung. Di ala kunu di buat.
Pikir abdi keur tagiwur. Sok asa kasuat – suat.
Bungkus baju make tilam. Pangrapeut na sa aya – aya.
Duh gusti ratuning alam. Salamet sa Indonesia.

Samping hideung dina upih. Di bantun dikakalerkeun.
Abdi nineung da kanu mulih. Teu kenging dipapalerkeun.

Kawih Samoja (Euis Komariah dan Mang Koko)

Kedal na asih na bulan pinuh mamanis.
Hiji jangji pasini na rasmining wanci
Mangsa samoja jongjon kembangan.
Duh eulis langit lenglang. Angin rintih dina ati … aduh.

Lalakon lawas na bulan pinuh katineung.
Aya jangji pasini nu heunteu ngajadi.
Mangsa samoja geus ngarangrangan…. Duh ieung.
Langit anggeub samagaha dina ati … duuh.

Ayeuna kantun wa’as na jungjunan.
Lalakon katukang diteang ngan ku ciptaan.
Kamari nu pamit … kamari nu pamit.
Datang deui na kalangkang.

Ayeuna kantun ngangres na jungjunan
Lalakon nu lawas (peugat) di sambung ngan ku ciptaan.
Kamari nu leungit …. Kamari nu leungit.
Rek leubeung mo datang deui.

Kawih Enjing deui

Enjing…urang teupang deui
Enjing…urang angkat deui
Kapan tos jangji bade satia
Tong pura pura mun leureus cinta
Enjing deui enjing deui
atuh ulah bohong deui bohong deui

Enjing…urang teupang deui
Enjing…urang ngobrol deui
Awas tong hilap seueur aleusan
Bade kamana tong pura pura
Enjing deui enjing deui atuh ulah bohong deui bohong deui

Saweungi asa tos lami
Saminggu bade ditunggu
Sabulan taya wartos pisan
Teu maparin putusan Laaaah enjing deui

Kawih Ramalan asih

Pituduh ramalan asih…
heeeh dinten minggu ulah mulih
Lamun angkat dinten senen
Hujan ngeucreuk ti enjing dugi ka sonten

Salasa dintenna cangra
Hahhh namung nombok na cilaka
Lamun angkat dinten rebo
Udar cinta didodoho pondok jodo

Dinten kemis mulus…Hanjakal diancam putus
Dinten jumaah ulah sok kapegat caah rongkah
Dinten saptu kade halangan nombok di sue
Minggu payun teu langkung tapi abdi arek pundung

Da teupang teh apan langka
Haaah Matak naon rada lami
Sakeudap teh teu karasa
Na teu sono pateupang jeung buah ati

Kawih Salam sono

hatur salam, salam sono…haturan engkang…
hatur salam, salam sono…haturan engkang
tos lami teu pateupang da bongan urang paanggang
duh aduh aduh aduh…salam sono haturan engkang

ieu salam, salam sono
tawis ati sing jadi tilam katresna
ieu salam ,salam sono
duh…disanggakeun ka jungjunan

rakeut… geugeut…rangkul deudeuh
imut geugeut…teuteup deudeuh
nineung deui… nineung deui
salam sono.. salam sono

Kawih Kania

ngangkleung tineung ngawang ngawang
bongan deukeut bongan meulang
rumasa diri kabandang ieu
kalebuh geter kadeudeuh kapentang gandrung

hayang kuring nyaritakeun mamanis dina melodi
hayang kuring nguniangkeun anteubna dina kacapi
jadi lagu nu abadi wawakil titipan ati
nu teuteup imut kareueut najan asih samar teupi

kania….duh kania…
linduh asih linduh bulan
duh teuteupan katresna
nya ti njeun kuring meutik

Kawih Puspa reuma

Puspa reuma endah teh ngahudang rasa
Ku teu sangka horeng beut jadi didinya

Na ku naon neundeun asih kadirina
Kapikat panah asmara mustika kembang katresna

Nya di gunung kuring teupung
Gandrung liwung kapidangdung

Duh aduh malati ligar na ati
Nenggorkeun imut kareueut pinuh ku madu mamanis

Nu kapireung harewos mawa hariring
Ngagalindeung nyanding dina hate kuring

Geter asih minuhan rasa katineung
Na rangkulan jadi sungkeman kaheman

Kawih Bimbang

Rasa bingbang…rasa meulang…
Diangkleung angkleung honcewang
Nanya diri nangtang ati
Rek nyieun hiji putusan pabeurat beurat timbangan

Naha bimbang…naha meulang….
Kainggis reujeng mamanis
Silih eunteung patembongan
Naha bingbang naha melang

Ditalikung Liwung gandrung
Ngalanglayung pageuh tangtung

Bingbang…meulang….
Nineung….keueung
Nun gusti nu maha agung
pasihan pituduh jalan

Abdi panceug kayakinan
teu bimbang nampi cobaan

Baca juga: Lirik Lagu Bubuy Bulan, Arti dan Makna yang Terkandung

Contoh Kawih Sunda Nu Laina

Nah, diatas sudah dituliskan beberapa contoh lirik atau syair dari kawih sunda modern (wanda anyar) maupun kawih klasik. Jika kalian membutuhkan lebih banyak lagi kawih-kawih atau lagu-lagu sunda lainnya dibawah ini sudah saya siapkan beberapa kumpulan contoh lirik lagu kawih sunda lainnya.

Kawih Es Lilin

Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan

Kawih Sabilulungan

Sabilulungan, urang gotong-royong
Sabilulungan, urang silih rojong
Sabilulungan, genteng ulah potong
Sabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka..
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
Satia, sajiwa..
Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan

Lirik Lagu lainnya:

Kawih Bajing Luncat

Kawih Manuk Dadali

Kawih Mawar Bodas

Kawih SOMSE

Kawih Pangandaran

Kawih Anjeun

Kawih Kalangkang

Kawih Asmarandana

Kawih Kembang Ros

Kawih Kinanti

Kawih Laut Kidul

Kawih Hibur Layung

Kawih Padahal Mogokna

Kawih Maskumambang

Kawih Bubuy Bulan

Kawih Anjeun

Kawih Burangrang

Kawih Kataragan Pahlawan

Kawih Lemah Cai

Kawih Panon Hideung

Kawih Sapu Nyere Pegat Simpai

Kawih Sabilulungan

Kawih Pahlawa Toha

Kawih Isola

Kawih Duh indung

Kawih Tanah sunda

Baca juga: Kumpulan nadoman sunda Pupujian, Sholawat, Pepeling dll

Kumpulan Nama-Nama Kawih Sunda dan Penciptanya

Kumpulan Nama-Nama Kawih Sunda dan Penciptanya

Mungkin untuk melengkapi tugas mu seperti dalam menyebutkan nama judul kawih dan penciptanya, dibawah ini adalah beberapa contoh nama-nama kawih sunda tersebut, beserta dengan nama dari penciptanya.

01). Angin Burit (Winarya Artadinata)
02) Angin Priangan (Wahyu Wibisana)
03) Asih Abadi (Dédi Windiagiri)
04) Bulan Bandung Panineungan (Wahyu Wibisana)
05) Bulan Langlayangan Peuting (Wahyu Wibisana)
06) Bungur Mumunggang (Wahyu Wibisana)
07) Di Langit Bandung Bulan keur Mayung (Dédi Windiagiri)
08) Girimis Kasorénakeun (Dédi Windiagiri)
09) Hareupeun Kaca (Winarya Artadinata)
10) Hariring Nu Kungsi Nyanding (Winarya Artadinata)
11) Hirup (Nano S)
12) Imut Malati (Wahyu Wibisana)
13) Jalir Jangji (Yana Kermit)
14) Kalangkang di Cikamiri (Wahyu Wibisana)
15) Karatagan Pahlawan (Mang Koko)
16) Kasenian (Mang Koko)
17) Kembang Balébat (Wahyu Wibisana)
18) Kembang Impian (Dédi Windiagiri)
19) Kembang Tanjung Panineungan (Wahyu Wibisana)
20) Kudu ka Saha (Winarta Artadinata)
21) Mawar Bodas (Uko hendarto)
22) Amparan Sajadah (Doel sumbang)
23) Kabogoh Jauh (Darso)
24) Sancang ( Yayan Jatnika)
25) Pangandaran (Doel sumbang)

Baca juga: Fungsi Lagu Daerah, Kawih, Tembang Untuk Pembentukan Karakter Anak

Nah, demikianlah artikel mengenai Kumpulan contoh kawih sunda modern dan klasik beserta pengertiannya dan beberapa contoh nama kawih dan penciptanya, yang saya rasa sudah cukup banyak kawih yang sudah dituliskan diatas. Semoga bisa bermanfaat, baik itu sebagai bahan pembelajaran, jika mendapat tugas untuk menuliskan lirik lagu dari kawih-kawih sunda ini.