Pidato, Biantara

[2] Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah!

×

[2] Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah!

Sebarkan artikel ini

Perpisahan sekolah merupakan suatu hal yang menyenangkan dan sekaligus menyedihkan. Menyenangkan karna kita berhasil untuk melanjutkan pendidikan ke jenjang sekolah yang lebih tinggi, menyedihkan karena kita harus berpisah dengan teman-teman beserta bapak/ibu guru kita tercinta.


Nah, pada kesempatan kali ini dalam membuat sebuah biantara atau pidato tentang kelulusan sekolah menggunakan bahasa sunda, kita harus memilih kata-kata yang baik sehingga enak untuk diperdengarkan serta mudah dimengerti oleh banyak orang.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah

Contoh Biantara Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Sekolah Kelas 6

Dibawah ini sudah saya siapkan dua buah contoh biantara tentang perpisahan sebagai contoh disini misalnya untuk perpisahan kelas 6 SD, atau bisa kamu ganti menjadi kelas 9 ataupun kelas 12 nantinya mungkin.

Contoh 1 “ Pidato Perpisahan Singkat Kelas VI SDN Bahasa Sunda”
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.. Alhamdulillahi robilalamin wasalatu wasallam ala sayidina muhamadin wa’ala ailihi wahsobini ajma’in..
Langkung ti payun puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Allah SWT, solawat  miwah salam mugia di kocorkeun kajungjunan urang sadaya kanjeng Nabi  Muhammad SAW, ka kulawargana, ka  sohabatna, tug dugi ka urang sadayana.
Sim kuring  atas nami kelas VI, sateu acana bade nyuhunkeun di hapunteun  boh bilih dina ieu cumarios seueur ka kirangan, mugi Bapa /Ibu guru sareng rerencangan ngama’lum.
Teu karaos sim kuring sareung rerencangan tos genep taun nyuprih elmu  di ieu sakola.. (Nama sekolah). Tos seueur elmu nu di paparinkeun ku Ibu sareung Bapa guru.
Bapa sareung Ibu kalayan pinuh kasabaran parantos ngaping sim kuring saparakanca. Ku margi kitu, mudah-mudahan naon-naon anu parantos di paparinkeun ku Ibu sareung Bapa guru  janten obor kanggo urang sadaya dina enggoning neraskeun sakola anu langkung luhur.
Kalih ti eta, mudah-mudahan kasaean Ibu  sareung Bapak guru di wales ku Allah  SWT. Amin yaa robbal alamin..
Pamungkas, ti abdi sareung rerencangan  nyuhunkeun di hapunteun, boh bilih salmi  sim kuring nyuprih elmu di ieu sakola seueur kalepatan.
Pidu’a sareung nasehat ti ibu sareung bapa guru mudah-mudahan urang sadaya aya dina kalancaran enggoning neraskeun nu langkung  luhur.
Pileuleuyan-pileuleuyan.. Sapu nyere pegat simpay..
Paturay patepang deui..
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh…
Contoh 2 “ Biantara Perpisahan Kelas 6 SDN Bahasa Sunda”

 

Assalamualaikum wr.wb.

Sadaya puji disanggakeun ka Gusti Allah SWT, Rohmat sinareng salam mugia di curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabiyullah Muhammad SAW. Para kulawargina, para shahabatna sareng umatna anu satia dugi ka akhir zaman.


Para Hadirin sadaya


Urang sadaya ngayakinkeun, yen sadaya jalmi nalika dilahirkeun estuning bodo, teu tiasa sareng henteu terang nanaon, henteu tiasa nyarios-nyarios acan. Nanging sanaos kitu, jalmi teh dilahirkeun ka alam dunya ngemban tugas ti Gusti Allah SWT janten Khalifah (Pamimpin) di alam dunya. 

Jalaran tugas urang sadaya salaku Khalifatulloh, tangtosna urang sadaya kedah mempersiapkeun diri urang ku elmu anu manfaat, margi pami urang bodo tangtos dunya teh bakal ancur. 
Salami genep taun urang sasarengan nyukcruk elmu dina raraga nyumponan kawajiban urang kaluar tina kabodoan. Tangtosna dina salami urang sasarengan seueur pisan dina tata ucap, sikap laku lampah pribados anu teu saluyu sareng manah para wargi sadaya pribados bade neda sing hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin. 
Terutami ka bapak guru anu salami ieu parantos ngabimbing urang sadaya, mugia kasabaran sareng kaikhlasan bapak sareng ibu guru salami ieu kengeng pangwales ti Allah SWT ku pahala anu berlipat ganda. Amin 
Salajengna dina raraga perpisahan ieu abdi sadaya neda pidua tinu janten sepuh mugia abdi sadaya sing dijantenkeun jalmi anu sholeh sareng sholehah, manfaat kanggo umat, salamet dunya akherat. Amin ya Robbal alamin 
Sakitu wae anu tiasa ku sim abdi pihatur, hatur nuhun kana waktosna. Akhirul kalam, hayu urang tingkatkeun tekad urang kanggo tholabul ilmi kanu langkung luhur disarengan ku niat ikhlas karena Allah supados Barokah pinuh ku rahmat Allah SWT. 
Saninten buah saninten, Saninten di kalapaan..

 Hapunten abdi hapunten, Tina samudaya kalepatan..

Billahi fie sabilil haq.. Wassalamualaikum Wr.Wb.
Nah demikianlah, 2 Contoh biantara bahasa sunda tentang perpisahan sekolah, kamu dapat menambahkan maupun mengurangi kembali kata-kata lainnya dalam contoh biantara bahasa sunda diatas.