Sasakala Maung Panjalu (Page 2 Of 2)

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun hatena. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh perenah incu.

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki tambah panasaran bae. Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua budak teh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak supaya ngabejakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan meh unggal usik. Ahirna eta emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon, “Rama Raden teh anu saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit.”

Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget Sang Raja. Ditanya saha anu mere nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daek betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabejakeun jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.

Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rek indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di Majapahit. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku poekna bumi. Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti karaton.

Henteu lila oge Bongbang Rarang kasusul, lantaran samemehna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rek ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di ditu. Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kokotetengan neangan cai ka ditu ka dieu, weleh henteu manggih.

Breh bae ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina herang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang. Henteu diengkekeun deui, cai dina pendil teh ditotor nepi ka beak. Teuing kumaha mimitina, pendil milepas. Blus teh asup kana sirah Bongbang Larang.

Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rek menta tulung ka nu lian. Sakur jalma anu dipentaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabejaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang.

Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat. Sanggeus ngadenge caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antare. “Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah.

Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade.” Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.” Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi.

Aki Garahang meunang ilapat, yen eta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun kana pendil beusi. Teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana.

Eta dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina hiji poe, Aki Garahang rek iinditan. Samemeh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana ulah wani- wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa talaga, anu caina canembrang herang. Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi kalah ka panasaran.

Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali cai talaga anu sakitu herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan sukan- sukan dina cai. Lila-lila dina saluar awak eta dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung hideung.

Janggelek bae duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana eta kajadian, terus silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana. Dua maung kajajaden teh balik deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Geus teg bae eta maung teh maung kajajaden, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan.

Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, “Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.” Dua maung kajajaden teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran keuna ku ajal lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina eta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.

Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna bae ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku eta patani. Tuluy eta gawul teh dibeulah ku kampak.

Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul teh teu daek beulah bae. Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat eta dua maung teh nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir.

Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu babarieun pisan. Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula.

Eta jangji maung kajajaden teh dikuatan ku jampe pamake Raja Panjalu. Ti dinya eta dua maung kakajaden teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog bae ka Karajaan Majapahit, maksudna rek nepungan bapana.

Barang srog ka lawang saketeng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae atuh maung teh pada ngepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karaget tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita.

Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manehna duaan teh putra Raja Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di paseban, ngempel sareng abdi-abdi karaton. Sang Prabu Brawijaya kaget manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus.

Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna mah geus beda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok bae Sang Prabu Brawijaya sasauran.

“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadean, taya salahna pikeun meunang kabagjaan.” Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapahit. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran. Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun papendak.

Ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.

2 of 2 NEXT

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *