Naskah Lutung Kasarung

* Sateupina lutung kasarung ka leweung..

Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun

Purbasari : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.

Aki Panyumpit : Mangga Néng.

* Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu
sangsara.

Guruminda : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.

* Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan.

Jleg ngajenggleg karaton leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui.

Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.

* Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.

Purbararang : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

* Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa.

Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul. Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.

Purbararang : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!

* Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.

Purbararang : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari! Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan  kadigjayaanna.

Indrajaya : Ku Aing paéhan sia!

* Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon.

Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasari jeung Guruminda.

*Selesai*

2 of 2 NEXT >>