Puisi dan sajak

Sajak Sunda Indung, Spesial Untuk Ibu Tercinta!

×

Sajak Sunda Indung, Spesial Untuk Ibu Tercinta!

Sebarkan artikel ini

Sajak sunda indung ini merupakan artikel lanjutan dari artikel sebelumnya yang berjudul puisi bahasa sunda tentang ibu yang pernah saya tuliskan di artikel sebelumnya, namun kali ini adalah bagian sajaknya. Tapi hampir sama saja sih sebenarnya.

Berbicara tentang ibu memang tidak akan pernah ada habisnya. Kasih sayangnya sepanjang masa, tidak dapat kita ucapkan lewat ribuan kata-kata, serta kebaikannya tidak pernah bisa terbalaskan sampai kapan pun. Oleh karena itulah, jaga dan bahagian beliau selalu.

Advertise By Adsense
Advertise By Adsense

Kebaikan dari kasih sayang ibu ini bisa kita gambarkan atau ungkapkan melalui kata-kata, salah satunya lewat sajak. Nah oleh sebab itu, dibawah ini sudah saya siapkan sajak bahasa sunda tentang indung, untuk mengenang kebaikan dari jasa ibu tersebut.

Sajak Sunda Indung

Contoh Sajak Bahasa Sunda Tentang Indung, Sedih!

Sajak “Do’a pikeun indung” oleh: Kustian

Indung..
Basa abdi keur bungah atawa ngarasa sedih, anjeun terus aya sareng abdi..
Basa abdi keur ngarasa kasusahan anjeun oge terus aya sareng abdi..
Nanging, abdi kadang osok midamel anjeun sedih ku sabab kalakuan abdi..
Hampurakeun abdi indung..

Indung..
Sabot anjeun masihan nasehat abdi kalah sering ngabantah..
Sabot anjeun masihan parentah abdi malah osok sering ngalawan..
Nanging, sagala tingkah laku abdi anjeun tiasa ngahampurakeun nana..
Hampurakeun abdi indung.

Indung..
Anjeun nyaeta sosok paling bageur nu aya dina hirup abdi..
Anjeun oge sapertos pahlawan pikeun abdi..
Abdi ucapkeun hatur nuhun tina sagala-galana kanggo anjeun..
Sabab anjeun nyaeta surya anu terus nyinar keun cahyana pikeun abdi di dunya ieu.

Ya allah pangeran abdi..
Pasihankeun kasehatan jeung umur panjang pikeun indung abdi..
Pasihan balesan anu sa alus-alusna sakumaha anjeuna masihan pikanyaah nu agung ka abdi.
Jaga oge anjeuna dugi abdi tiasa ngabahagia keun nana. Amin ya rabbal alamin..!


Sajak “Jaga indung dugi maut nyabut nyawa” oleh: Kustian

Dinten jeng dinten abdi ngajalankeun hirup sareng anjeun na..
Kiwari wanci atos muter sapertos roda anu teu aya eureuna..
Ti alit abdi sok di pangku ku anjeuna dibelai ku panangan na..
Sanajan aral sarta cocobi silih ngaganti, anjeuna teu pernah ngeluh..

Indung, ayena parobahan anjeun tos mulai katingali..
Buuk anjeun tiheula hideung ayena tos mulai bodas..
Ayena anjeun tos mulai lemah sairing jalanna wartos..
Nanging anjeun teteup tiasa seuri endah..
Seuri ditengah keluh kesahna kisah anjeun ka abdi..

Oh.. Indung..
Hatur nuhun pikeun ka ikhlasan anjeun..
Kaikhlasan pikeun ngadidik sarta ngagede keun abdi satulus hate..
Anjeun nyaeta pahlawan dina hirup abdi..
Abdi janji bakal ngajagaan anjeun dugi maut nyabut nyawa ieu.


Sajak “Indung, hampura abdi tina sagala kalepatan” 
oleh: Kustian

Napas demi napas anjeun terus ngadoakeun abdi..
Nyieun abdi tiasa kajaga jeung ngarasa bagja nepi ayena..

Indung nu ku abdi di pikanyaah..
Mugi-mugi gusti allah nangtayungan anjeun salamina..

Indung..
Hampurakeun abdi tina sagala kalepatan, kasalahan, kaangkuhan, kakurangan..
Abdi ucapkeun hatur nuhun pisan kanggo indung kuring..


Sajak “Kemuliaan indung”  
oleh: Kustian

Dina poe isuk ieu anjeun hudangkeun abdi dina isuk anu endah..
Nu endah ngelehkeun cahya panon poe dina pesona endahna diri anjeun.

Anjeun masihan kabagjaan liwat lantunan doa-doa anjeun..
Anu ngajadikeun sadaya dinten hirup abdi jadi endah..

Indung, anjeun nyaeta pahlawan dina hirup ieu..
Anu rela naruhkeun nyawa kanggo abdi..
Anjeun nyaeta permata nu aya dina hirup abdi..
Anjen bakal abdi jaga saumur hirup abdi..

Gusti nu agung. .
Kabulkeun doa abdi anu lemah ieu pikeun indung abdi..
Abdi hoyong ngabahagiakeun indung abdi..
Ngabahagiakeun di jalan anu halal, ridho sarta pangestu gusti..
Abdi hoyong anjeuna dipikanyaah ku gusti allah..
Sepertos indung abdi anu ngajaga abdi ti orok dugi ka gede ayena.

Sajak Kanyaah Indung Bapa
(Diserat ku Kebo Hideung/Mang Utas/Ena Rohana)

Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.

Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.

Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.

Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu

Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gede
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot

Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh…Ema, Bapa  hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot.

Sajak Ema Jeung Anak

Selain beberapa sajak tentang ibu atau indung diatas berikut ini saya akan tuliskan kembali puisi yang cukup sedih untuk di kirimkan kepada orang tua, saya mendapatkan sajak ini dari seseorang di fb, namun saya kurang tahu pengarangnya aslinya siapa.

Ema…
Ti leuleutik abdi ngan ukur nyieun kasedih..
Ti bubudak abdi ngan masihan kasusah..
Tapi ema tetep mikaasih..
Tapi ema tetep mikanyaah..

Ema…
Lamun mangsa abdi keur gering..
Sawewengi salira nyaring…
Lamun mangsa abdi keur rungsing..
Salira sok mere pepeling…

Ema…
Lamun abdi hoyong barang tuang..
Salira langsung ngojengkang..
Teu malire awak sanajan teu damang..
Nu penting barudak senang..

Ema..
Kanyaah ema teu aya watesna..
Ka asih ema teu aya akhirna..
Estu clak putih clak herang..
Pinuh ku rasa kamelang..

Ema..
Kiwari abdi tos dewasa..
Teu acan tiasa mulang tarima..
Ukur tiasa nyanggakeun do’a..
Mugia salira sing sehat salalawasna…

Sajak Dari Ibu Untuk Anaknya

Sedangkan sajak dibawah ini merupakan tulisan puitis dari seorang ibu untuk anak yang sangat di sayanginya, berikut langsung saja kita baca sajak dari ibu untuk anaknya dibawah ini.

Anaking..
Sanajan teu dipenta..
Pasti ku ema bakal dihampura..
Sanajan teu disungkeun..
Ku ema pasti dibikeun..

Anaking..
Ema bade papagah..
Bisi hidep milaku salah..
Ema bade pepeling..
Sangkan hidep tetep eling..

Anaking..
Hirup teh moal lana..
Bakal loba pisan gogoda..
Omat hidep ulah aral subaha..
Tawakal kanu kawasa..

Anaking..
Jeung dulur sing alakur..
Jeung baraya sing silih jaga..
Jeung batur kudu silih tulungan..
Jeung tatangga kudu silih belaan..

Anaking..
Prak laksanakeun solat..
Ulah sok di telat-telat..
Sabab eta bekel sakabeh umat..
Keur jaga di akherat…

Anaking..
Loba keun migawe nu hade..
Ulah sok di engke-engke..
Komo bari talangke..
Bisi kaburu jadi bangke…

Anaking..
Umur ema moal lila..
Sakali mangsa bakal dicandak kunu gaduh NA..
Hampura sakabeh kasalahan ema..
Nu can bisa nyugema keun nu jadi putra…

 

Nah, bagaimana? Demikianlah artikel sajak bahasa sunda tentang indung, yang sementara bisa saya tuliskan pada kesempatan kali ini, semoga bisa berguna bagi kita dan semakin sayang dengan ibu kita masing-masing.

Jaga dan sayangilah beliau selalu kini dan untuk selamanya, semoga ungkapan doa melalui sajak diatas memberikan nilai positif dan bisa mengingatkan kita kembali akan jasa-jasa serta kebaikan ibu yang terkadang kita lupakan!