sajak sunda halaman 2

21. Maneh sorangan
Poe Pangbalesan
Wayahna
Maneh nyiksa
Tong ceurik
Najan males
Budak sorangan
Sakumaha jangji
Maranehanna jalir
Sakumaha sumpah
Nu teu kalampah
Kop tah!
Maneh kudu maturan
Maneh sorangan
Nu kudu mere babales
Salaku Indung awal
22. Cikalna Dunya
Hayang apal maneh saha?!
Tanya indung dunya!
Maneh teh saenyana
Tina kajadian
Kumaha kajadianna?
Indung dunya
Sok ngurilingkeun maneh
Kukuiran sorangan
Teu eureun-eureun
Gara-gara ditubruk
Babaturanna
Sari-sari Indung Dunya
Kalaluar
Nu matak maneh aya
23. Nu Kakalayangan
Saurna Indung Dunya,
Geura ulin, geura ulin
Utun
Sok  geura ibur
Ngarah maneh boga batur
Milu kukurilingan
jeung maneh
Bebas,
Bubudakeun,
Beuki kakalayangan
Resep ka mana-mana
Neang nu teu paruguh
Ngarah boga batur
24. Ngatur Rijki
He.. Angin
Papancen hirup andika
Sebar sumebar rijki
Ti Hyang Rahman
Keur sakum-sakumna
Nu harirup
He.. Angin
Sok ari hayang kakalangan mah
Bari berekeun
Baturan Mega
Ti kulon ka wetan
Ti kidul ka kaler
Jug geura nindak!
25. Angin Timur 
Engke mah kami
Bakal ganti rupa
Tina nu sok ngalayang
Jadi nu laleumpang
Dina mangsa
Geus marengkeun kami
Anggoan raksukan hideung
Ngacaukeun dunya
Nu dipikanyaho kiwari
Kami bakal ngajurit
Neangan perlaya
Ka kaom nu ingkar
Tina kayakinan kami
26. Cahya Carek
Putra kadua
Pareng saenggeus Angin
Purah nyumput
Sakali kaluar
Pikasieuneun
Pasea wae jeung Pertiwi
Turunan Cahya Palita
Sok hayang wae balik
Saenggeus jebul
27. Nyawa Mahluk 
Lir ibarat walungan
Lir ibarat cahaya
Lir ibarat bumi
Lir ibarat cai
Diparengkeun jodo
Jeung Indung Hirup
Jadi nyawa
Sakabeh banda
Aya wae Hirup Sakeudeung
Ngan sakedet netra
Teu kasampak ku manon
Teu kacekel ku salira
Matak reuwas
Nu boga ceuli
Matak raheut ka Pertiwi
28. Ngampar
Saban-saban angin
Kakalayangan
Indung Dunya
Kagungan putra deui
Beda jeung nu cikalna
Bakal jadi batur pasea angin
Resep pisan ngajedog
Cicing teu hejo tihang
Teu kawas lanceukna
Resep ulin
Ieu mah mumul
Resep keneh ngampar
Ngalindungi Indung Dunya
29. Gurat Batu
Panceg
Teteg
Peugeuh
Hayang Matuh
Ka nu jadi indung
Kuat
Moal gampang robah
Nepi ka beulah salira
Panincakan Kahuripan
Luhur dunya
Tempat lumangsung
Gumantungna turunanna
Putra Pertiwi
Putra Langit
Putra Pinilih
Makmurkeun Pertiwi
Tempat babarna
Sang Pohaci bumi
Gumantungna Kahuripan
Alam dunya
30. Leumpang Awan 
Sakuat-kuatna nu hirup
Moal tangtu bakal cicing
Saumur hirupna
Indung Dunya purah kukuiran
Nunutur Dewi Sarangenge
Nunutur Angin
Saeutak-eutik
Lir leumpangna awan
Nu matak nyilakakeun
Oge nu mawa sakur nu hirup
Ka handapeun langit biru
Nu lian
Indung Dunya Nyumput
Geus waktuna
Pareng ayeuna Sang Indung
Teu di panghareupna
Waktuna ngarojong
Ka nu jadi anak
Mere parab ka nu di laluhur
Bari nungguan
Indung Hirup
Ngeclak

 

2 of 4